Carita Pondok Karya : Ahmad Suya
Mun seug nyoréang mangsa nu geus jauh kasorang, waktu indung kuring masih jumeneng, kabayang kénéh kanyaahna nu taya kendatna, mikadeudeuh ka kuring reujeung lanceuk lanceuk kuring, sakumaha umumna nu jadi indung, inyana tulatén pisan rumawat pacabakan rumah tangga sapopoe, timimiti nyadiakeun kadaharan reujeung nu liana.
Séjén ti éta indung kuring mibanda pakasaban usaha leuleutikan dagang kembang rampé ka pasar, isuk isuk inyana geus ngider leumpang ti buruan kaburuan nu sakapeung lumayan jauh tempat nu disorang mun pareng usum halodo, langka kembang nu marangkak ligar.
Dina hiji poe kuring nempo nu jadi indung diuk baris semu tungkul hareupeun hawu, sakapeung inyana rumahuh bangun aya nu dirasa, kuring ngadekeutan nu jadi indung, pok tumanya, “Ma..? kunaon ema téh teu damang ?”
bari terus ngadeukeutan indung, harita inyana ukur ngarérét tembong écés guratan beungeut nu ngemu kasedih, panona beueus siga tas ceurik, kuring ngangres nempo kaayaan kitu, bari terus tumanya deui, “ema téh kunaon gening bet siga tas nangis, maa kunaoon..?” kuring terus tumanya,
Tapi indung kuring teu ngajawab ukur tungkul nyumputkeun pasemon nu jelas inyana sedih kacida.
Kuring ukur bisa neuteup kanu jadi indung da puguh teu apal kunaon bet ceurik. Lila kuring ngahuleng nyaksén nu jadi indung kitu pamolah, lila ti lila pok inyana nyarita semu dareuda,
“Jang…, ema geus sakieu kakolotan, lanceuk lanceuk hidep kabeh geus rumah tangga, ema geus cupar rasana ngurus maranéhna, tapi ema téh sedih mun seug nempo hidep kasebutna anak bungsu, enya sakola téa na mah saluhureun lanceuk lanceuk hidep, tapi nu jadi pikiran ema téh hidep mah éstu sarwa walurat da puguh kaayaan urang nu batan sakieu, perlu hidep apal yen urang baheula mah kasebut jalma nu taya kakurang, sawah lega, kebon lega, sato loba carék wiwilangan mah cukup najan teu kasebut salieuk béh gé.” Kitu caritaan indung kuring bari carinakdak, inyana neruskeun caritaana,
“Tah ayeuna dina mangsa hidep gedé tur butuh biaya nu lain leutik ema jeung bapa hidep taya daya ukur ngandelkeun pakasaban dagang kembang nu ukur cukup keur dahar sapopoe, lian ti éta bapa hidep ukur jadi tukang tani buburuh molah sawah anu beunghar, ema asa dosa ka hidep nilik kaayaan saperti kieu.” Ceuk indung kuring bari tonggoy ngasur ngasur suluh nu ngadadaleh kaluar tina beungeut hawu.
Kuring neuteup indung sajongjongan bari teu kawasa nahan cimata, pok kuring nyarita, “ Ma… tong seueur emutan abdi bagja boga ema, najan ayeuna hirup urang sarwa walurat tapi abdi reueus ku ema sareng bapa nu maparin elmu pangaweruh nu kacida ageung ajena, tikawit kahirupan, agama oge sakola kapan abdi mah dipaparin langkung tibatan lanceuk-lanceuk abdi, mun téa aranjeuna mah ukur tamat SD pan abdi mah tepi ka sakola tehnik, sawangsulna abdi mundut dihapunten lahir tumekaning batin lulus kasebutna mah tapi rumaos tacan tiasa ngawales kana kasaéan nu jadi indung jeung bapa, abdi mundut do’a ti ema sareng bapa pamugi Gusti nu maha suci maparin jalan kahirupan abdi kanggo bakti ka indung bapa ogé lemah cai.” kitu caritaan kuring harita,
Najan haté mah sok rajeun ngananaha ka nu jadi kolot nu pajar baheula namah kasebut jalam aya teu jiga ayeuna, éta ogé carita nu jadi lanceuk kuring mun pareng tepung da puguh arang langka kuring ngariung jeung nu jadi lanceuk.
Arinyana geus papada boga kulawarga séwang-séwangan.Tapi sok geuwat kuring sadar yén ieu teh guratan kahirupan kuring jeung kolot kuring nu kudu ditarima ku syukur jeung sobar, papastén ti nu maha kawasa.
Teu kugsi lila tiharita sééng nu sahéng jempé, aseupan nu eusi nyangu katempo ngebul, sangu asak terus dijait sarta dieurihkeun kana dulang pikeun diakeul, kitu gawé téh saban poé tara kaliwat, geus jadi kabiasaan kuring sakulawarga dahar sangu akeul, salian ti leuwih ngeunah oge matak séhat kana padaharan.
Indung kuring pakpikpek sasadiaan kadaharan alakadarna nyadiakeun bekel keur bapa kuring nu rék indit ka sawah da puguh harita téh kasebutna usum jami loba pagawéan disawah satutas panén poé mangkukna.
Satutas rengse sasadiaan sagalarupana indung kuring ceg kana kantong plastik nu biasa tara lésot tina leungeunna saban isuk, ngasruk ka buruan tatangga deukeut jeung nu jauhna ngider meulian kembang ku modal nu teu sapira, samalah kalolobaana mah sok raridoeun dibikeun tanpa kudu dibeuli, da cenah lebar laligar maruragan.
Sakapeung kuring sok ngangres meun nempo nu jadi indung asruk asrukan ka buruan batur, kuring ngarasa jadi anak nu can aya guna satutas tamat ti STM waktu harita, katambah kuring can meunang pagawéan anu tangtu saluyu reujeung élmu pangaweruh nu kacangking.
Lila indung kuring luntana, jigana mapay kanu jauh da puguh harita téh kapareng usum halodo, tutuwuhan nu biasa kudu cikruh kucai kayaning kekembangan jeung nuliana mimiti kareri sarta gararing, mun seug indung kuring keur pareng ngider kawas harita, kuring bébérés imah jeung nu séjéna tamba cicing ngajejentul taya gawé, éta ogé sok rajeun néangan lowongan gawé dina koran urut paméré tatangga nu ngalangan koran, tapi teuing ku hante tacan waé manggih lowongan gawé nu saluyu reujeung kabisa kuring jurusan permesinan STM waktu harita.
Kungsi dina hiji waktu kuring lunta ka Jakarta ngilu dagang reujeung babaturan nu dipercaya ku dununganana, dagang Indomie reujeung bubur kacang héjo, ngan meureun kuring mah taya bakat kana dagang da buktina ukur kuat saaplusan (kurun waktu dagang dikota nu lialana 40 poe) nya ti harita kuring ukur ngahiul cicing di imah bari henteu puguh cabak éstu nganggur taya pagawéan, sakapeung sok babantu kolot di sawah mun pareng dititah atawa miara hayam karesep kuring tileuleutik, ampir tilu taun ti tas lulus sakola kuring nganggur téh, waktu nu lain sakeudeung pikeun kuring tur matak bosen.
Saréngséna bébérés imah kuring diuk ditepas bari lamunan mah nyawang kanu anggang ras inget ka hiji wanoja nu kungsi masieupan haté kuring waktu sakola, ngan hanjakal inyana jauh dikota bari teu apal dumuk jeung caritana, kuring anteng ngumbar lamunan rus ras kana naon nu geus kapilampah mangsa sakola reujeung manéhna nu hamo poho kana léléwa jeung pamuluna mun seug pareng reureujeungan, éndah kacipta waktu kuring leumpang paduduaan nyukang (mentas) sasak liliwatan nu nuju ka lemburna.
Sajongjongan kuring ngahuleung sorangan bari ngumbar lamunan, teu kungsi lila aya nu gegeroan diburuan imah sorana rada bedas, “ Jang… jang aya di imah?” ceuk éta jalma. Kuring reuwas da puguh keur anteng ngalamun kagareuwahkeun. “Aya kang ieu abdi di jero .” Kuring nembalan sarta muka panto hareup.
Sup jalma nu gegeroan téh asup bangun nu rusuh manéhna katempo rénghap ranjug bangun nu capé. Kuring tumanya deui “Aya naon kang gening mani rénghap ranjug kitu, aya naon kang?” kuring teu sabar hayang nyaho béja naon nu dibawa ku éta jalma.
Satutas rada leler, pok manéhna nyarita kalawan tatag, “Kieu jang bieu akang tas ti lembur wétan ari pék dijalan aya nu di rubung rubung (ngariung jalma) ari sugan akang téh aya nu cilaka, ari pék gening ema ujang keur ngalempreh jiga kapiuhan (pingsan).” Kitu pok na teh,
Kuring reuwas sarta terus tumanya deui, “aduh kang…. dimana, kunaon indung kuirng téh?” ceuk kuring kacida reuwasna sategah ngagorowok, “ Teuing jang akang gé teu apal sababna mah ngan sanggeus apal ema ujang gewat akang lumpat kadieu, hayu wé urang kaditu bisi kumaha onam.” Ceuk éta jalma.
Teu lila dijalan kuring anjog ka tempat ema kapiuhan kasampak inyana keur nyanda disisi jalan nyarandé kana benteng bari nyekel gelas eusi cai, tayohna aya nu haat méré nginum ka indung kuring. Nempo kitu kuring teu talangké ngarangkul indung bari tumanya, “ema… kunaon ema téh tepi ka kieu, rieut atawa kumaha ma…?” ceuk kuring teu sabar hayang buru nyaho kunaon sabenerna tepi ka jadi kitu.
Pok inyana nyaita ku sora nu haroshos satengah ngaharewos bangun nu lunges taya tangan pangawasa, “ Tadi téh… basa ema rék balik teuing kunaon bumi alam asa muter téténjoan paroék nu ahirna leng wéh ema téh teu inget di bumi alam teuing sabaraha lila, tepi ka karasa aya nu ngaguyah-guyah ka ema bari méré cai, tayohna meureun rada lila ema teu inget téh da gening ari nyah beunta bet loba jalma ngarubung-rubung.” Kitu pokpokana téh,” Ayena kumaha ma… masih rieut ema téh?” kuring tumanya, nalangsa nempo indung ngalungsar taya daya lir nu dipupul bayu.
“Alhamdulilah jang ayeuna mah teu rieut teuing, tinggal leuleusna taya tanaga,” ceuk indung kuring bari katara leungeuna ngadarégdég, kukuring dicekel terus diajak nangtung,
“Hayu ma ku abdi digandong bisi ema teu kiat lemupang, urang mulih ayeuna nya ma!” ceuk kuring bari teu poho nganuhunkeun ka jalma nu araya didinya anu geus haat nulungan indung kuring,
Ngan abong sifating jalma teu sarua, harita aya saurang jalma nu nyarita satengah ngaweweléh kadiri kuring, pokna téh teu pantes indung nu sakitu kolotna kudu asruk-asrukan mapay-mapay lembur batur padahal anak loba bari geus rarumah tangga naha euweuh nu nyarék, mungguh matak nyérését kana haté kuring harita, tapi ukur bisa ngurut dada bari tumarima da bongan kuring taya guna pikeun indung bapa.
Harita kénéh kuring nuyun nu jadi indung najan halon tapi ngeureuyeuh ngalengkah ninggalkeun jalma nu harita nulungan indung kuring.
Teu kacatur dijalana kuring anjog ka imah, terus ngadiukeun ema dina korsi ditepas imah urut tadi kuring diuk, nyelang heula kadapur nyokot cai reujeung gula kawung sangkan ema pulih deui tanagana,
“Ma ieu leueut heula cai sareng gula kawung méh ema énggal jagjag,” regot inyana nginum sarta nyeletrok gula kawung méh sategah gandu, katara ema téh tuhureun satutas kapiuhan tadi, kuring neuteup nu jadi indung bari ramisak teu kawawa nahan cimata nu mimiti murubut maseuhan pipi,
“Ma.. enjing mah tong kukurilingan ka lembur batur deui nya abdi isin ku batur jeung nalangsa tacan bisa babakti ka indung nu kacida ageung jasa ka abdi jeung lanceuk-lanceuk abdi, abdi teu ambek nguping caritaan jalma tadi nu ngaweweléh ka diri abdi da kitu nu saenyana, abdi anak nu tacan bisa mulang tarima,” teu kawawa kuring ceurik nyuuh dina lahunan nu jadi indung mudalkeun beungberat haté rumasa ku diri nu taya harti pikeun indung tepi ka kudu ngalaman kapiuhan disatengahing jalan.
“Jang… ema rido sosoroh kalembur batur mapay-mapay buruan barina halal da puguh niat usaha najan teu sapira, tapi kumaha deui mun teu dilakonan mah da ngan ukur kitu nu bisa dilakukeun ku ema, hampura ema tacan bisa nyenagkeun hidep da puguh batan sakieu nya kaayaan.”
Kuring terus nyegruk dina lahunan nu jadi indung bari ceurik lahir ceurik batin teu kawawa nahan rasa nalangsa waktu harita, kuring nekadkeun jangji kadiri pikeun bajoang neruskeun lalampahan mapag takdir nu baris kapilampah, tiharita kuring terus teu reureuh néangan gawé ka nu deukeut reujeung nu jauh.
Ganti bulan datang taun panjeg lima taun tisaprak kajadian éta kuring panggih reujeung jodo, saurang wanoja nyantri tedak pasantrén kuring ngedalkeun jangji pasini baris hirup sauyunan sapapait samamanis sabagja satanggung jawab, babarengan hirup neruskeun rundayan tuturunan. Indung kuring tetep marengan taya beurang taya peuting, taya sehat taya gering, estu namplokeun kadeudeuhna ka kuirng sakulawarga, sok komo satutas lahir anak kuring,
Anu cikal awéwé pikalucueun, indung kuring namplokeun kanyaahna ka anak kuring, hirup geus mimiti meunang kasinugrahaan ti Pangéran diparengkeun boga pakasaban nu cukup pikeun nyumpunan bubutuh hirup sakulawarga. Lima taun tiharita lahir anak kuring nu kadua lalaki sampulur hadé rupa éstu pikaresepeun, atuh indung jeung bapa kuring kacida bungaheuna, ceuk inyana cukup anak téh sajodo méh teu ripuh teuing ngurusna, nu penting hirup waluya jaradi jalma anu wibawa.
Panjek sibungsu dua taun umurna indung kuring mulih ka jati mulang ka asal nemona pasinina ka Gusti nu maha suci, maot dina kaayaan beubeurat sangga pikeun kuring nu karék cieuy-cieuy bakti ka nujadi indung. Kuring nalangsa taya bandingna ari ras ka diri nu tacan bisa mulang tarima ukur bati kaduhungna, kiwari mun seug inget ka indung ukur kuburan nu jadi paneumbleuhan kasedih kuring , emaaa… hammpura abdi.
Cag…
Medang, kahyang desember katompernakeun
Ahmad Suya