INISUMEDANG.COM – Dalam agama Islam persatuan atau ukhuwah Islamiyah dipandang sangat penting dalam rangka mewujudkan persatuan atau tali silaturahmi.
Berikut khutbah Jumat dengan tema mewujudkan persatuan dalam bahasa Sunda Full.
Ngawujudkeun Persatuan.
الحمدلله الذي جعل الإسلام دينامؤلفابين القلوب المتباغضة،أشهد أن لا إله إلا اله شهادة تجي قائلها من أهوال يوم القيامة وأشهد أن محمد المبعوث لإزهاق الاديان الباطلة ، اللهم صل وسلم على محمد النبي الرحمة وعلى آله وأصحابه هذاة الأمة ،فياعبادالله أوصيكم ونفسي بتقوى الله فقد فاز المتقون .
Sidang Jumat rahimakumullah!
Sagala puji wungkul kagungan Allah swt. Anu parantos maparin kurnia ka urang sadaya bangsa Indonesia mangrupa lemah cai anu lega, endah tur subur ma’mur. Ngandung kakayaan tur harta banda anu pohara jeung rupa-rupa. Di sagigireun eta urang syukur ka Allah swt. anu parantos ngajadikeun sabagian gede pangeusi nagara nu ngagem agama Islam. Umat Islam mangrupa jumlah anu panglobana upama dibandingkeun jeung nagara-nagara anu aya di ieu alam.
Upama urang nyebutkeun jumlah umat Islam anu pangloba na dina khutbah atawa ceramah-ceramah maksudna sangkan umat Islam daek syukura. Sabab ieu hal teh mangrupa rahmat ti Gusti Allah swt. Anu perlu disyukuran ku jalan urang bisa ngabuktikeun hasil karya anu gede. Anu kalintang pentingna nyaeta bisa nga wujudkeun tali mimitran atawa ngawujudkeun persatuan. Dina istilah Agama Islam disebut ukhuwah Islamiyah.
إنما المؤمنون إخوة فاصلخوابين أخويكم واتقوالله لعلكم ترحمون
( الحجرات : 10 )
“Satemenna ari jalma-jalma mu’min teh eta dulur, mangka kudu silih maslahatkeun antara dulur-dulur aranjeun jeung kudu takwa aranjeun ka Allah supaya aranjeun mareunang rahmat.” (Al-Hujurat: 10)
Salahsahiji pituduh ajaran Islam nyaeta ngeunaan hubungan manusa jeung sasamana khususna jeung sasama mu’min.
Hubungan antara sasama jalma mu’min mungguh Allah swt. nyaeta hubungan anu kabeungkeut ku ukhuwah Islamiyah. Ukhuwah atawa duduluran lain dina harti anu heureut, anu ngan ukur kawengku ku hubungan getih, atawa turunan. Duduluran dina Islam nyaeta duduluran anu dibeungkeut ku aqidah Islami yah.
Sanajan tatali wargi lain dumasar kana turunan atawa aya hu bungan getih. Tapi anu dipikarep ku tatali wargi teh nyaeta tatali wargi anu leuwih kuat jeung leuwih jembar.
Ku saruana akidah eta mangrupa hiji kakuatan anu bakal bisa ngahijikeun cita-cita, tujuan jeung bakal bisa nyiptakeun persatuan tur gawe babarengan anu leuwih jembar. Tali duduluran anu ngan ukur dumasar kana turunan atawa hubungan getih, henteu bisa dipastikeun bakal sarua cita-citana
sabab kamungkinan di antara maranehanana aya anu beda kayakinaanana.
Hadirin anu dimulyakeun ku Allah!
Dawuhan Rasulullah saw. sakumaha dina hadis di luhur, sa pantesna solidaritas atawa hubungan hade papada urang jalma iman teh ibarat jasad urang. Di mana anggota badan gering atawa keuna ku kasakit mangka sakabeh anggota badan henteu cicing, tapi ngusahakeun sangkan panyakit cageur.
Rasulullah saw. nganjurkeun kumaha praktekna dina kanyata an hirup sakumaha dawuhanana:
المسلم أخو المشي لايظلمة ولايخذله ولايسيمه ، ومن كان في حاجة اخيه كان الله في حاجته ، ومن كان يشرعا مسلم يشره الله عليه يوم القيامة ومن ستر مسلم استره الله يوم القيامة، ومن فرج على مسلم كربة من كرب الدنيا فرج الله عنه كربة من كرب يوم القيامة ،
( متفق عليه )
“Jalma muslim eta dulurna jalma muslim deui. Moal nganiaya ka dulurna, moal ngahina sarta ngantep dulurna tigebrus kana jurang kahinaan. Sing saha anu nyukupan kabutuh dulurna, Allah bakal nyumponan kaperluanana. Jeung sing saha anu ngusahakeun ngabantu kasusah anu lian, Allah bakal mere kajembaran dina poe kiamah. Sing saha anu nutupan kaaiban dulurna, Allah bakal nutupan kaaiban manehna dina poe kiamah. Jeung sing saha anu ngusahakeun nyirnakeun kasulit an jalma muslim dina kahirupan dunya, Allah baris ngaleungit keun ti manehna sagala kasusah dina poe kiamah.” (Muttafaq ‘Alaih)
Pohara endah tur mulyana sikep jeung tingkah laku anu sarupa kitu di kalangan jalma mu’min sakumaha nasehat Rasulullah saw. anu kasebut bieu. Nya eta pisan sabenerna anu diamalkeun kala yan anteb dina kahirupan Rasulullah saw, sinareng para sahabatna, Bisa dibenerkeun oge saupama kiwari aya anu ngabogaan anggapan yen praktek ukhuwah Islamiyah dina kahirupan di masyarakat can bisa diamalkeun kalawan sampurna. Loba anu masih keneh ti teuleum dina kabodoan, kamiskinan jeung kamunduran. Mun tea mah urang ngamalkeun ajaran conto Rasulullah saw. yakin ka hirupan masyarakat urang bakal leuwih hade.
Perlu urang sadar kana sagala kakurangan urang dina widang ukhuwah, sabab, lantaran lemahna ukhuwah Islamiyah pasti bakal mawa akibat anu pohara gedena dina kahirupan umat jeung masyarakat.
Kahirupan urang kiwari geus mere pangajaran anu positip
tur leuwih alus pikeun urang utamana pikeun generasi panerus. Kiwari geus lain mangsana ngagede-gedekeun masalah khi lafiah, beda golongan atawa partey, lain mangsana kudu silih go rengkeun, atawa boga rasa leuwih punjul ti nu sejen. Tapi mangsa silih bantu, silih jeujeuhkeun, silih tulungan jeung silih pihapekeun. Wujudkeun sarta pageuhan sing kuat tali ukhuwah Islamiyah dina harti sacangreud pageuh, sagolek pangkek, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, sabobot sapihanean, diuk ngariung, nangtung sauyunan, sakanyeri sakapeurih, henteu pasalia aing-aingan, geusan ngahontal kajayaan bangsa rawuh nagara bari dibarengan ku rido tur pangampura ti nu Maha Kawasa Allah swt.
Mugia Allah swt. maparin kakiatan lahir batin ka urang sadaya sangkan urang tumetep dina wujud anu ngahiji, make dasar ukhuwah Islamiyah.
بارك الله لي ولكم في القرآن العظيم، ونفعني وإياكم مافيه من الآيات والذكر الحكيم وتقبل مني ومنكم تلاوته انه هو السميع م العليم